Dinas Kaséhatan Kota Cimahi Komitmen Penanganan Kasus HIV-AIDS
Dinas Kaséhatan Kota Cimahi Komitmen Penanganan Kasus HIV-AIDS
Giwangkara Kasus HIV/AIDS jadi perhatian serius Dinas Kaséhatan (Dinkes) Kota Cimahi. Lantaran, dina taun ieu, 46 warga Kota Cimahi ka catet katépaan ku virus bahaya ieu. "Kasus HIV di kalangan umur produktif jeung rumaja cukup luhur. Tina total 46 kasus anyar dina taun 2024, 6 kasus umur 15-19 taun, 10 kasus umur 20-24 taun, sarta 26 kasus umur 25-49 taun." ceuk Kepala Dinas Kesehatan Kota Cimahi, Mulyati, Kemis (10/10/20 24). Mulyati negeskeun perluna sosialisasi anu terus-terusan pikeun nyegah panyebaran virus ieu di kalangan rumaja sareng masarakat umum. "Masalah HIV/AIDS geus jadi fenomena anu serius dina widang kaséhatan. Urang kudu ngaronjatkeun literasi kaséhatan masarakat, hususna ngeunaan pencegahan HIV/AIDS, sangkan henteu leuwih nyebar deui," pokna. Dinas Kaséhatan ogé ngaluncur keun program STOP anu museur kana opat léngkah utama, nyaéta Suluh, Find, Treat and Maintain. Ngaliwatan program ieu, pihak na narékahan pikeun méré atikan, manggihan kasus anyar, nyadiakeun perawatan tepat waktu, sarta ngajaga perawatan pikeun penderita. Dinas Kasehatan Kota Cimahi ngajak sakumna pihak pikeun berperan aktif dina nanganan HIV/AIDS dina raraga ngahontal targét Three Zero, nya éta nol inféksi HIV anyar, nol stigma & diskriminasi, jeung nol maotna patali AIDS. "Hal ieu kacida pentingna sangkan urang bisa ngungkulan masalah ieu babarengan jeung ngahontal Ending AIDS 2030," pokna.**