Workshop Lansia Dina Raraga HLUN ka-29

Workshop Lansia Dina Raraga HLUN ka-29

Cimahi, Giwangkara - Pamarentah kota Cimahi liwat Dinas Kesehatan Kota Cimahi ngalaksanakeun kagiatan cek kaseahatan haratis keur masyarakat, hal ieu teh dina raraga Hari Lanjut Usia Nasional (HLUN) di pendopo DPRD Kota Cimahi 18/6/25.


Wakil Wali Kota Cimahi Adithia Yudistira ngabeberkeun yen indeks atawa angka harepan hirup di kota Cimahi terus ngajaul tur nepi ka denget ayeuna geus nepi di angka 75 taun, nu ngandung harti geus cukup progresif jeung cukup alus, ngeunaan hal kasebut tangtuna tumali kana standar kasehatan masyarakat .




Satuluyna numutkeun Adithia lamun ningali conto di Jepang nu ngalaman krisis demografis justru nu nopang perekonomian di sagala sendi para lansia, ku kituna, para lansiana bisa ngabuktikeun yen masalah umur teu jadi halangan jeung rintangan pikeun ngalakukeun nu produktif jeung berkarya keur kontribusi ka nagara.


Ku kituna para lansia di kota Cimahi di harepkeun kudu produktif supaya terus sehat lahir batin, pola dahar kudu di jaga turta pola hirup oge kudu di jaga beresih supaya sehat, kusabab lansia sacara alami tangtuna rentan keuna panyakit.



Ku ayana kitu harepan kahareup di Kota Cimahi baris ngabogaan taman lansia nu presentatif jeung ruang publik khusus para lansia.


Sawatara kapala dinas kesehatan Kota Cimahi Mulyati nerangkeun yen dilaksanakeuna HLUN ieu mangrupa rangkaian tina Hut Kota Cimahi ka 24 HLUN ka 29, dina lumangsungna kagiatan ieu salian pamariksaan kasehatan haratis oge senam rukungawe jeung lembaga lansia Indonesia tur sakola lansia Kota Cimahi.



Kalaksanakeuna kagiatan ieu diharepkeun supaya para lansia di kota Cimahi leuwih bermartabat,tur sehat. (Eddy)