Ngatyana Targetkan Kota Cimahi Zero Sampah ka TPA Sarimukti

Ngatyana Targetkan Kota Cimahi Zero Sampah ka TPA Sarimukti

Ngatiyana nyebutkeun yén Pamarentah Kota Cimahi keur nyan trakeun program zero to landfill ata wa nihil sampah nu dipiceun ka TPA Sarimukti. Rupa-rupa upaya pananganan ogé geus disiapkeun pikeun ngolah sampah sangkan béak di Kota Cimahi.


"Ku kituna engké urang ngudag sakabeh pengolahan sampah kala yan target zero ka TPA. Jadi moal aya deui nu dipiceun, tapi diolah," ceuk Ngatiyana, Rebo (20/5/20 26).


Salah sahiji léngkah nu dipiga wé nyaéta ngamekarkeun TPST Santiong di wewengkon Cipageran. Pamaréntah Kota Cimahi meu nang bantuan ti pamaréntah pusat ngaliwatan program Improvement of Solid Waste Management to Support Regional and Metropolitan Cities (ISWMP) nu dibiayaan ku APBN kalayan rojongan ti World Bank.


Parabot pangolah sampah nu geus aya di TPST Santiong renca nana bakal diperbarui supaya mampuh ngolah nepi ka 85 ton sampah per poé.


"Kapasitasna jadi 85 ton per poé. Terus Lebak Saat tetep jalan 10 ton per poé, sarta urang ogé bakal masang mesin-mesin pangolah sampah kapasitas 5 ton di sababaraha wilayah," pokna.


Kiwari, Kota Cimahi masih ngandelkeun pembuangan sampah ka TPA Sarimukti di Kabupaten Bandung Barat kalayan kuota nu di watesan.


Dumasar kana Surat Edaran Sekretaris Daerah Provinsi Jawa Ba rat Nomor 6174/PBLS.04/DLH ngeunaan Peringatan jeung Pembatasan Pembuangan Sampah ka TPPAS Regional Sarimukti, kuota pikeun Kota Cimahi maksimal 119,16 ton per poé atawa 1.668,24 ton per dua minggu.


Ngatiyana ogé ngajak sakumna masarakat Kota Cimahi pikeun ngabiasakeun milah sampah ti imah masing-masing.


"Sadaya mugia maparin doa jeung gawé barengna ti sakumna masarakat Kota Cimahi supaya nga dedepankeun milah sampah ti imah," cenah.


Inyana ngajelaskeun yén ayana TPS jeung fasilitas pangolahan sampah téh jadi bagian tina ikhtiar pamaréntah pikeun ngawujudkeun zero sampah nu dibuang ka TPA Sarimukti.


Samentara éta, Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kota Cimahi, Chanifah Listyarini, nyebutkeun yén produksi sampah di Kota Cimahi rata-rata ngahontal 233 nepi ka 250 ton per poé tina total 584 ré bu penduduk.


Tina jumlah éta, nu kakara bisa diolah sacara mandiri anyar sakitar 49 persén