Tanggap Darurat Sampah Pamaréntah Kota Cimahi Pasang Armada Bersih

Tanggap Darurat Sampah Pamaréntah Kota Cimahi Pasang Armada Bersih

Cimahi, Giwangkara

Pamaréntah Kota Cimahi sacara resmi nyatakeun status darurat runtah sarta ngayakeun Siaga Pembersih Sampah sakaligus dina Senén (21/04), nuturkeun lonjakan volume runtah sanggeus lebaran.


Kagiatan anu dipingpin langsung ku Walikota Cimahi Ngatiyana, ngalibetkeun unsur Forkopimda Kota Cimahi diantarana Kejaksaan Negeri, Polres Cimahi, Kodim Cimahi 0609, jeung DPRD Kota Cimahi, sabagé léngkah kongkrit pikeun ngungkulan krisis runtah di Kota Cimahi.


Aksi beberesih dilaksanakeun di tilu sumbu utama: TPS Cibeber, TPS Marimar di tukangeun Kawasan Mall Cimahi, jeung TPS Pasar Atas. Jumlahna aya 16 treuk angkutan di TPS Cibeber, kalayan tambahan puluhan armada sumebar ka lokasi séjén.


"Tumpukan sampah ieu kaayaan darurat. Kami ngagelarkeun sagala kakuatan pikeun ngabersihkeun Kota Cimahi," saur Ngatiyana.


Sabagé solusi jangka panjang, Pamaréntah Kota Cimahi baris ma


sang insinerator di sajumlah titik strategis, mimitian ti wewengkon Cibeber. Teknologi ieu bakal digunakeun pikeun ngolah runtah anu geus dipilah ku masarakat jadi résidu anu saterusna dirobah jadi produk saperti paving block pikeun kaperluan masarakat. Usaha ieu di tujukeun pikeun ngirangan katergantungan Kota Cimahi kana Tempat Pembuangan Akhir (TPA).


Samentara éta, Kapala Dinas Lingkungan Hidup Kota Cimahi, Chanifah Listyarini, deui ngamajukeun kampanye wajib milah sampah. Manéhna ménta partisipasi aktif sakumna warga Kota Cimahi pikeun milah runtah rumah tangga. Sosialisasi milah runtah baris dilaksanakeun ka kira-kira sarébu nu boga gorobag kalawan target 1.000 nu boga gorobag meunang palatihan dina minggu hareup.


Chanifah negeskeun yén sistem transportasi runtah bakal dibéda keun dumasar kana jinis runtah.


"Kami bakal ngalaksanakeun no sorting, euweuh angkutan sanggeus periode sosialisasi," tegesna.


(Eddi M. Dimyati)