Ngawaskeun Komoditi Pangan Saacan Idul Adha 2024 Harga Kawilang Stabil
Ngawaskeun Komoditi Pangan Saacan Idul Adha 2024 Harga Kawilang Stabil
Pj. Walikota Cimahi Dicky Saromi katut jajaranana ngalaksanakeun tinjauan harga komoditi pangan di Pasar Cimindi, Jalan Mahar Martanegara, Kota Cimahi. Hal éta dilaksanakeun pikeun ngawas kaayaan harga rupa-rupa kabutuh dasar saacan Idul Adha 2024/1445 Hijriah. Tina hasil pangimeutan, sacara umum harga kabutuhan poko sa acan Idul Adha 1445 H kawilang stabil. Paningkatan ngan lumang sung dina sababaraha komoditi, di antarana cabe beureum keriting, ba wang héjo jeung kentang Dieng "Kuring ngalaksanakeun kagiatan babarengan jeung Disdagkoperin jeung kapala asosiasi pasar pikeun langsung mariksa kaayaan harga saméméh Idul Adha, pokna. Sasaran pangawasan hargahar ga kebutuhan dasar téh nyaéta pikeun mastikeun stabilitas harga jeung stok rupa-rupa kaperluan dasar di pasar-pasar tradisional samemeh lebaran Idul Adha 1445 H dina kaayaan ajeg jeung aman pikeun warga Kota Cimahi. "Harga daging sapi stabil, kitu ogé béas. Jadi sagalana masih dina kontrol jeung normal. Ngan harga cabe masih teu stabil, jigana ieu téh lain ngan lumangsung di Cimahi ta pi ogé di kota lianna," cenahna. Pikeun ngendalikeun harga, Die ky nandeskeun bakal sagancangna ngalakukeun léngkah-lengkah, nya éta nambahan jumlah bazar di sa tiap daerah sarta ogé pasar murah atawa pergerakan pasar murah. "Bazar jeung gerakan kadaha ran murah, utamana pikeun sababa raha komoditi anu hargana masih luhur, pokna deui. Pihakna ogé bakal usaha koordi nasi jeung kabupaten/kota di sabu deureun Kota Cimahi sabagé peng hasil pangan sangkan bisa gawé bareng pikeun nyuplai éta komoditas langsung ka pasar Kota Cimahi. "Ku hasil gawé bareng daérah ieu, mudah-mudahan pasokan nu aya bisa nyumponan paménta nu ge dé, sangkan bisa ngurangan harga," pokna. Eddy