Perangkat Daerah Pemkot Cimahi Didorong Ningkatkeun Kualitas Kaarsipan

Perangkat Daerah Pemkot Cimahi Didorong Ningkatkeun Kualitas Kaarsipan

Cimahi, Giwangkara Pamaréntah Daerah Kota Cimahi, Pemkot Cimahi ngaliwatan Dinas Arsip Daérah Kota Cimahi ngagelar sosialisasi audit kaarsipan internal perangkat daérah. Hal ieu dilaksanakeun keur ningkatkeun kaahlian jeung kapatuhan perangkat daerah kana peraturan perundang-undangan di bidang kaarsipan, sarta ningkatkeun kualitas pengelolaan arsip di lingkungan Pémkot Cimahi. Kagiatan eta diiluan wawakil perangkat daerah sarta didatangan narasumber Drs. Febriadi, M.Si jeung R. Permana, SE ti Dinas Perpustakaan jeung Kaarsipan Daérah Provinsi Jawa Barat. Kepala Dinas Arsip Daérah Dani Bastian nyeubutkeun, arsip mangrupakeun asét penting keur pamaréntah daérah. Arsip anu diurus kalawan hadé bakal gampang néangan deui informasi, ngadukung nyieun kaputusan jeung ningkatkeun akuntabilitas kinerja pamaréntah daérah. "Tujuan diayakeunna kagiatan ieu nyaéta keur ningkaykeun kualitas penyelenggaraan kaarsipan dilingkungan Pamaréntah Kota Cimahi, sakaligus nyiapkeun pangawasaan kaarsipan internal taun 2024," pokna. Audit kaarsipan internal dilaksanakeun ku tim pengawas kaarsipan internal (Dinas Arsip Daérah) kana pengelolaan arsip dinamis di lingkungan pencipta arsip (Perangkat daérah). Audit kaarsipan tujuanna ngaidéntipikasi masalah, analisis jeung évaluasi bukti di tiap intansi. Hal ieu keur niten hal anu bener, kecermatan, kredibilitas, efektifitas jeung kahandalan dina penyelenggaraan kaarsipan. Pejabat (Pj.) Wali Kota Cimahi dina arahanna nyebutkeun amanat pasal 40 Undang-undang nomer 43 taun 2009 ngeunaan kaarsipan, pengelolaan arsip dinamis dilaksana keun keur ngajamin kasadiaan arsip dina ngalaksanakeun kagiatan keur bahan akuntabilitas kinerja jeung alat bukti anu syah dumasa hiji sistem anu mibanda persyaratan andalan sistematis, gembleng, menyeluruh jeung luyu ajen, standar, prosedur sarta kreteria (NSPK). "Komo, reformasi birakrasi waktu ieu nyanghareupan digitalisasi kaarsipan. Dimana salah sahiji indikator reformasi birokrasi mangrupakeun pengawasan arsip internal anu bakal dilakukeun ku lembaga kaarsipan daérah," pokna. Satuluyna Dicky ngajelaskeun, dumasar kana Permenpan RB nomer 26 taun 2020 ngeunaan Pedoman Evaluasi Pelaksanaan Reformasi Birokrasi, ajen pengawasan kaarsipan jadi salah sahiji komponen penilaian dina reformasi birokrasi. Nyaeta aspék hasil antara (Kualitas pengelolaan arsip diukur ku nilai hasil pengawasan kaarsipan ti ANRI, nepi ka perlu dipasti keun penyelenggaraan kaarsipan di hiji lembaga ngaliwatan pengawasan kaarsipan, boh internal atawa éksternal. "Kuring miharep sakabeh perangkat daérah bisa ngalakukeunperbaikan jeung peningkatan penyelenggeraan kaarsipan luyu jeu-ng kaidah kaarsipan anu aya," pamungkasna. Eddy.