Realisasi Panarimaan Pajak Restoran di Cimahi Bakal Kaangkat Sapanjang Ramadan Tahun 2024
Realisasi Panarimaan Pajak Restoran di Cimahi Bakal Kaangkat Sapanjang Ramadan Tahun 2024
Cimahi, Giwangkara Bulan Ramadan diprédiksi bakal ngadongkrak réalisasi panarimaan Pendapatan Asli Daérah (PAD) tina sektor pajak réstoran di Kota Cimahi. Hal eta disababkeun ayana tradisi 'buka bersama' anu ngakibatkeun ningkatna anu daratang ka restoran jeung sajenisna. Ceuk Kepala Bidang Penerimaan jeung Pengendalian Pendapatan Badan Pengelola Pendapatan Daérah (Bapeda) Kota Cimahi, Faisalnyebutkeun, réalisasi panarimaan pajak réstoran di Kota Cimahi sapanjang bulan Ramadan diperkirakeun naék nepi ka 40%. "Dumasar kana data hasil pajak Réstoran tan 2022 jeung 2023 Kota Cimahi, dima mangsa bulan Ramadan hasil pajak Resto ngaronjat antara 25% nepi ka 40 %," ceuk Faisal Salasa, (19/3/2024). Dirina nyaritakeun, ngaronjatna pajak Resto dina bulan Ramadan ieu diprediksi bakal jadi ku sabab aktivitas masyarakat keur kumpul jeung ngayakeun 'buka bersama' atawa bukber di restoran-restoran atawa tempat dahar sejenna. "Lamun keur Ramadan taun ieu can aya kanaekanna. Biasana minggu katilu jeung ka opat kakara kati ngali aya kanaekan. Tina aktivitas eta dipiharep bisa ngadongkrak pajak restona," ceuk Faisal. Dina bulan Ramadan taun 2023, ceuk Faisal, panarimaan PAD tina pajak restoran di Kota Cimahi nepi ka Rp. 2,66 miliar. Realisasi panari maan eta naek dibandingkeun biasa na anu rata-rata nepi ka 2 miliar sabulan. Satuluyna réalisai panarimaan pajak restoran diprediksi bakal turun deui waktu lebaran. Sabab warga kota Cimahi diprediksi bakal mudik ka Lemburna masing-masing nepi ka nu daratang ka restoran, rumah makan jeung sajabana normal deui. "Dina waktu lebaran, panarimaan ngalaman turun nepi ka kondisi na normal deui nepi ka bulan-bulan sejena. Dina taun 2024 ieu oge kondisina moal jauh bedsa jeung taun- taun saacanna," ceuk Faisal. Eddy